Monday, October 25, 2010

PIKUKUH URANG BADUY

Dari FB DR.T.Bachtiar Geo :

Gunung teu meunang dilebur
Lebak teu meunang diruksak
Larangan teu meunang dirempak
Buyut teu meunang dirobah
Lojor teu meunang dipotong
Pondok teu meunang disambung
Nu lain kudu dilainkeun
Nu ulah kudu diulahkeun
Nu enya kudu dienyakeun

Mipit kudu amit
Ngala kudu menta
Ngeduk cikur kudu mihatur
Nyongkel jahe kudu micarek
Ngagedag kudu bewara
Nyaur kudu diukur
Nyabda kudu diunggang

Ulah ngomong sageto-geto
Ulah lemek sadaek-daek
Ulah maling papanjingan
Ulah jinah papacangan
Kudu ngadek sacekna
Nilas saplasna.

1 comment:

Mamah Ani said...

saur sepuh :

Gunung kaian
Gawir awian
Cinyusu rumatan
Pasir talunan
Lebak caian
Sampalan kebonan
Walungan rawatan
Legok balongan
Dataran sawahan
Situ pulasaraeun
Lembur uruseun
Basisir Jagaeun